Monday, June 5, 2017

budak ti kampung balanja ka indomaret

Aya budak hareupeun panto Indomaret, rek balanja jigana mah.
maklum ti kampung biasa balanja ka warung.

"Punteeeen, bade meseeeeer!!"

"Punteeeeeen, Teeeeh, meseeeeeer!!!"

Teu daek asup wae eta budak teh.

Tukang parkir terus ngadeukeutan,

"Jang, eta baca dina panto!  TARIK"
.
Teu lila eta si budak ngagorowok tarik pisan nepi ka nonggeng-nonggeng,
 "PUNTEEEEEEEEENNNN.... ‼ *BADE MESEEERRRRR.....

No comments:

Post a Comment