Monday, June 5, 2017

Kalakuan neng della

Kalakuan neng dèlla baladna neng rèva kabogoh aa boy tea

Dèlla : mang baso dua mangkok
Tkg Baso : mangga Nèng
Dèlla : nu hiji tong diladaan, nu hiji sing lada
Tkg Baso : siap Nèng
Dèlla : nu diladaan tong makè salèdri, nu teu diladaan sing loba gorèng bawangna
Tkg Baso : naon deui nèng?
Dèlla : nu kahiji loba togèna, nu kadua togèna saeutik wè da teu pati beukieun
Tkg Baso : atos sakitu waè?
Dèlla : nu makè salèdri di yamin nu loba gorèng bawangna caina dipisah
Tkg Baso : ....!!!??
Dèlla :  nu caina dipisah teu makè pècin, nu teu diladaan kècapna lobaan nya da resep amis
TKg Baso : Gusti nu Agung..!!
Della : nu togèna saeutik basona opat siki nu laleutik, nu di yamin baso urat dua baso gedèna
hiji, tapi dibeulah dua, sabeulah deui asupkeun kana mangkok nu makè salèdri
Tkg Baso : teu kurang loba kahayang tèh??
Della : baso nu opat siki tukeur dua ku tahu dua deui asupkeun kanu teu diladaan tapi ganti ku somay
Tkg Baso : Nèng manèh tèh rèk meli baso atawa nitah gèlo..??
Della : nu basona opat siki pan kari dua da ditukeuran ku somay, makè saos sasèndok, nu baso
gedè beulah dua tambah pangsit hiji...
Tkg Baso : aya kènèh.....?!!!
Dèlla : tos cekap sakitu wè tong lami nya mang...!!
Tkg Baso : Nèng saumur sabelas taun dagang baso kakara manggih nu meuli modèl manèh...!!
Ladangan wè ku sorangan urang rèk ka apotèk heula meuli oskadon

No comments:

Post a Comment