Monday, May 29, 2017

Jamu Ngora

JAMU NGORA

Kacaritakeun aya nini2 umurna geus nincak  72 taun, salakina aki2 umurna geus 81 taun.

Boga incu anu keur sakola di Cina spesialisasi obat2 kuno.

💌Si nini nyuratan menta dikirim obat nu bisa jadi ngora deui....
💊💊💊💊💊💊💊💊

Ku incuna dikirim 12 kapsul special. Bari omat2an ieu obat teh matih pisan....👍👍, tiap kapsul bisa nurunkeun umur 10 taun leuwih ngora.

Satengah percaya si nini nyobaan 4 kapsul.
Ternyata sanggeus nginum 4 kapsul si nini katingali ngora deui seperti nu karek umur 32 taun.

Hiji waktu si incu balik liburan. Di buruan imahna katingali aya awewe geulis keur nyusuan orokna.....

Si incu nanya : punten bade tumaros, dupi "nini Iyoh  masih linggih di dieu ??"

Si awewe eta langsung ngarontok bari ngomong :

"ya Alloh ujang ieu teh pan nini maneh....., matih pisan ubar kiriman ujang teh.....👍👍, nini nyoba2 nginum 4 kapsul jadi ngora kieu teh.

Si incu kaget : " Oooch kituuuuu...., sae atuh ari ka angge maaah....👍👍😷😷 "nini dupi  aki aya di mana ayeuna....???"

Apan ieu nu keur disusuan... da sesa obat teh 8 kapsul  kabeh di inum ku aki maneh... dasar hawek, jadi we balik deui jadi "OROK"...
Sabari neke sirah orok nu keur disusuan...

No comments:

Post a Comment