Aya ustad keur ngusir jurig dihiji imah nu angker pisan.Di jero imah aya 10 jurig nu sering ngaganggu nu boga imah, teu lila pa ustad langsung nutup mata terus maca 'surat yasin'.
Beres maca 'surat yasin''pa ustad muka mata'na..cliiing...9 jurig langsung ngaleungit, tapi masih aya 1 jurig deui.
Terus pa ustad langsung maca 'ayat kursi'.tapi eta jurig teu indit wae, malah nyarande di tembok.
Ustad bingung "ku naon eta jurig teu indit2,nya????"Teu lila nu 9 jurig nu tadi ngaleungit balik deui ngajemput babaturanna bari ngomong "punteun pa ustad, jurig nu hiji ieu mah TOREK. 😬😄😜
No comments:
Post a Comment