Salah Ngirim E-mail
Kacaritakeun aya hiji salaki menang tugas dinas kaluar kota. Saengeus nepi, manehna langsung check-in di hiji hotel. Pas asup ka kamar hotel manehna ningali aya komputer jeung internet geus dipasang. Saking atohna manehna langsung nulis e-mail mesra ka pamajikana.
Hanjakalna, teu sadar manehna salah ngetik alamat e-mail pamajikana. Kusabab teu ngarasa salah manehna tetep ngirimkeun emailna.
Ditempat lain, aya awewe (anu narima email nu salah) karek balik di kuburan saengeus ngurebkeun salakina anu tos ngantunkeun.
Saengeus nepi di imahna, eta awewe langsung ngecek e-mail na rek macaan anu ngucapkeun belasungkawa. Karek maca e-mail nu kahiji, manehna langsung pingsan. Anak cikalna ge ngilu maca langsung ngilu pingsan oge.
Sing horeng tulisan e-mailna kieu :
Kahatur mamah tercinta
Papah atos nyampe, mah...!!!
Papah terang, pasti mamah kaget tapi mamah atoh narima kabar ti papah. Mah singhoreng didieu tos dipasang internet oge. Saurna meh bisa langsung ngirim kabar ka keluarga anu dipikacinta dibumi.
Papah karek nepi pisan. Didieu rasana nyaman pisan mah. Aranjeuna ge saurna tos nyiapkeun sagalarupina kanggo kadongkapan mamah enjing.
Papah tos teu sabar ih nungguan mamah enjing. Mudah2n perjalanan mamah kadieu aya dina kagumbiraan jiga perjalanan papah kamari.
Love you mamah...
Mun tiasa, barudak ajakan oge mah..!!!
😂😂😂
Istri:pingsan tiga Hari tiga Malam
Wilujeng wayahkieu... 😁🙈🙊✌
No comments:
Post a Comment