Tuesday, May 9, 2017

Santri Bangor nu Calakan

SANTRI BANGOR NU CALAKAN....

Ku baong2na si Ucup sendal Ajengan wae disumputkeun.
Ajengan kokotetengan milarian sendalna... 😪

Saur Ajengan, "barudak, manggihan sendal Abah henteu ?"

Si Ucup nyelengkeung, "Disumputkeun ku Siti Rahmah Bah".

Siti rahmah teh budak Santri Putri nu pang geulisna.

Ajengan, "Cup tulung cokot ka dituh ..!"

Si Ucup langsung nyampeurkeun Siti Rahmah di aula sabeulah...

Ucup, "Siti, uing dititah Abah menta nyium maneh, meunang henteu ...?
"Siti : "Teu meunang ...!!"

Si Ucup nyorowok, "Teu dipasihkeun Bah. . . . .!!"

Ajengan langsung ngagorowok oge_ : "bikeun Siti......!"
Si Ucup:"Tuh kadangu kan ...?"

Si Siti leah ngasongkeun pipi katuhuna.

Si Ucup, " sabeulah deui lah . . . !!"
Siti, "Embung...!!"

Si Ucup ngagorowok deui , "Bah.. anu beulah kencana teu dipasihkeun geura. .!"

Ajengan, " Ulah kitu atuh Siti.... bikeun duanana, kabeh wae. . . ! !"

Siti, "yeuh, sakalian jeung biwirna ... tah ngarah maneh teu cocorowokan menta deui. . ."

Si Ucup, "ALHAMDULILLAH"

No comments:

Post a Comment